Assalamu’alaikum Wr. Wb

الحمد لله رب العالمين     أشهد أن لا إله إلا الله الملك ألحق المبين

و أشهد أن محمد الرسول الله صادق الوعد الأمين

اللهم صلي على سيدنا محمد وعلى أله وأصحابه أجمعين .

أما بعد :

Hartosna:

Sadaya puji kagungan Alloh nu mange’ranan sadaya alam. Abdi nyakse’ni wire’h teu aya deui pange’ran anging Alloh, Anu Kumawasa, Anu Leres tur Anu Nyece’skeun. Sinareng abdi nyakse’ni sae’stuna Nabi Muhammad e’ta utusan Alloh, Anu Leres Jangjina tur Kapercanten. Paparinkeun, Ya Allah, ni’mat, kasalametan miwah Kabarokahan ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad, para Kulawargi, sareng sahabatna.

 

Saur para sepuh, ladang wartos ti sepuh-sepuhna deui, dina ng’abageakeun awal sasih Syawal, nyae’ta anu saur basa kiwari mah lebaran, dina jaman Padjadjaran teu kapendak aya curak-curak bari ngarangge’ angge’an paginding-ginding. Sagala rupina e’stu sahinasna bae’. Nu dianggo patokan dina jaman harita mah ukur : parantos dugi kamana lalampahan hirup ti taun dugi ka taun te’h ?

 

Lebaran teu pusta teu pesta, teu ngahanakeun ngagaleuh angge’an jicir sapertos ayeuna. Basajan bae’. Sumuhun ari silih munjungan mah da e’ta tos jante’n tradisi. Malih aya ra’yat Padjadjaran anu munjungan ka pangagung, sanaos Pangagung Padjddjaran mah seuseueurna teu acan Islam.

 

          Keun urang tunda di hanjuang siang geusan alaeun,

          Urang simpen dihandeuleum sieum geusan sampeureun.

 

Saban urang mungkas ‘idul Fitri, urang salawasna ngayakeun acara silaturahmi, anu langkung kajojo urang sebat bae’ ‘Halal bi-ihalal’. Dua istilah e’ta, Silaturahmi sareng Halal bi-ihalal, sane’s kecap anu panceg. Silaturahmi saleresna kedah dicarioskeun Silaturahimi. ‘Halal bi-ihalal’ taya sane’s kecap dina basa Arab anu teu tiasa kahartos ku urang Arab dimana wae’ ayana. Angi’ng anu kantos sumping ka Purwakarta, kecap ieu teu aya dina kamus basa Arab.

          Acara saparantos ‘Idul-fitri ieu kalintang mangpaat pikeun kaum Muslim. Salah sawios diantawisna anu nyongcolang mungguhing ajaran Islam wire’hna Islam teu kantos nguruyung dina hiji kabudayaan anu molongpong, Islam salamina dipaparin ku rupi-rupi celepan tur budaya wewengkon. Ajaran Islam nu diarangge di Tatar Garut teu aya sane’s pituin Garut. Sage’de’ngeun aya nu sami di sakuliah dunnya. Di nagri dengeun teu aya kecap ‘Halal bi-ihalal’, nu kitu te’h teu aya sane’s budaya wewengkon kanggo mapae’san ajaran Islam. kangge papaes budaya Islam. Sapalih tina aje’n-inaje’n ajaran Islam disarungsum ku budaya wewengkon. Sage’de’ngeun e’ta oge’ , aya anu sipatna lumrah. ‘Idul Fitri taya sane’s aje’n ajaran Islam anu umum. Lebaran taya sane’s aje’n wewengkon anu dipaparinkeun kana ‘Idul Fitri. Kumargi kitu, tong mundut dalil tina Alqur’an sareng sunah Nabi kangge’ lebaran. Margi lebaran taya sane’s ajaran wewengkon kangge’ nyarungsum ajaran-ajaran Islam ku ciri pribumi, nya’eta wanda urang. Wanda-wanda wewengkon anu dipaparinkeun ku urang Garut, kedah dijagi salaku jabung tumalapung urang kangge’ ngeuyeub-ngeuyeub budaya Islam.

 

 

          Numutkeun urang Brazil aya dua rupi anu henteu tiasa ngagiwar dina hirup kumbuh; nyae’ta Pupus sareung Pajeg. Ananging urang Garut baris nyarios aya tilu rupi anu teu tiasa dihalangan atanapi dicegah, diantawisna Perlaya, Pajeg, sareng ‘Halal bi-ihalal’.

          Dawuhan kanjeng Nabi, “Kami, Para Nabi diutus pikeun nyarita kahiji kaom luyu jeung kamampuh akal marane’hna. Upami disundakeun mah Islam anu ruket sareung suasana disabudeureunna. Upami urang miharep neraskeun sunah Nabi, mangka anu ku urang keudah dipilampah taya sane’s ngalarapkeun ajaran Islam ku cara nincak kana akar budaya nu nyampak, sarta sane’s ku cara mahiwal supados katawis be’nten. Langkung be’nten tur ahe’ng, langkung sole’h diri urang te’h.

          Ngalarapkeun ajaran Islam ku cara ngabina tatali batin sareng sasami di sabudeureun urang, nu kitu te’h taya sane’s silaturahim. Nyae’ta nyambungkeun kakulawargian . Upami miharep miara tali mimitian, mangka nu dipilarian te’h nyaeta hal-hal anu sami atanapi sarupi. Ananging , upami miharep megatkeun tali mimitian, mangka anu dipilarian te’h taya sane’s hal-hal anu bente’n.

          Nu peryogi sane’s lalandian saperos si Dadap. Si Waru atanapi Si Citra, Si Wangsa, anging diperyogikeun naha salawasna te’h nyae’ta bajoang kangge’ Islam atanapi henteu? Mung ku cara sapertos kitu urang tiasa nyambungkeun silaturahmi antara sasami kaom muslim. Aya sababaraha rupi anu ngakibatkeun silaturahmi antawis papada muslim ieu pegat, diantawisna: kalangenan urang pikeun nyiar-nyiar nu barare’nten tur nyebatkeun rupi-rupi lalandian ka anu sane’s. Be’nten mung diperyogikeun pikeun kajembaran e’lmu sareng pangatikan. Dina pangatikan urang memang kedah be’nte’n. Margi rupi-rupi pamendak engal dina dunya e’lmu pangaweruh mung dihasilkeun ku jalmi-jalmu anu miharep be’nten ti nu sane’s.

 

          Janten, upami aya salah sawios nu ibadahna kirang tapi rajin nyambungkeun silaturahim, resep ngabantu ka nu sane’s, mangka nu kitu te’h langkung sae’ tibatan salah sawios nu ibadahna getol nanging megatkeun silaturahim sareng sabudereunana. Margi kitu, manga urang kawitan ngabebenah paripolah, tur ngicalkeun kaceuceub.

 

جعلنا الله وإياكم من العاءدين والفاءزين والمقبلين

وادخلنا واياكم في زمرة عباده الأصا لحين

تقبل الله منا ومنكم

Sakitu nu kapihatur kirang langkungna neda taakuf, hatur nuhun,

 

Wabillahi taufik wal hidayah.

Wassalamu ‘alaikum wa rohmatullahi wabarakatuh.

 

 ( Guru SMPN 2 Karangpawitan – Garut )

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Iklan